Peupeujeuh Apa

0
28

Carpon: Lilis Yuliati, S.Pd,M.Pd

Ilustrasi,Net

Saban poe minggu sok ngahajakeun  jalan-jalan, ngahaja moe tonggong, nyeuseup hawa seger pagunungan nu jauh tina polusi udara, kokotor pabrik atawa gas pamiceunan kandaraan anu lalar liwat. Nikmat pisan tina tiap tarikan ambekan anu kaluar asup kana paru-paru, seger kana awak jagjag kana lengkah. Bengras titingalian asa lega jeung betah kumelengan di alam pawayangan. Lengkah karasa hampang, taya karingrang  jeung hariwang.

Lengkah hampang bari sakali-kali ngagerak-gerakeun panangan, sampean atawa anggota badan sejenna. Karaos nikmat, moncorongna   sarangenge neumbrag awak anu manceran jagat raya, nambah sieup nambah endah di papaesan maceuhna piit sapanjang lengkah, dina tangkal mahoni jeung camara anu rajeg sisi jalan. Sok sadar… kana firman Allah,   “Mangka nikmat Allah  anu mana deui anu ku anjeun dipungkiri?”

Ngarandeg lengkah eureun saharita… sadar salami ieu, sok lengle lamun ngajalankeun ibadah kanu parantos nyiptakeun alam jagat jeung sakabeh pangeusina. Boro-boro khusu ngalaksanakeun anu sunah, ngalaksanakeun anu wajib ge sok lengle sakarep insun, pikiran mancawura duka teuing kamana euntreupna.  Astagfirullah haladzim… Sadar… rumaos kana diri anu kurang tumarima kana papasten ti Gusti Nu Maha Suci, anu parantos maparin mangpirang-pirang kanikmatan di alam dunya.

Salila ieu saukur rumahuh ngusap dada bari loba ngeluh. “Duh Gusti… hapunten abdi!”, jumerit diri na jero ati, sadar salami ieu geus salah lengkah, kurang tumarima kana nikmat anu mangpirang-pirang ageungna. Rumahuh… narik ambekan rada rosa. “Kunaon geulis, tos cape kitu?”, pun bapak naros, muyarkeun lamunan anu manteng. “Henteu Apa”, waler abdi bari neuteup pameunteu pun bapa. “Bisi cape, hayu urang reureuh sisi situ anu beh ditu!”, bari nungtun panangan abdi muru situ anu di tunjuk ku anjeuna.

“Ngahaja Apa ngajak nyai jalan-jalan ka beh dieu. Aya anu kedah di dugikeunm ku Apa ka Nyai didieu. Galindeng  pun bapak halimpu pinuh wibawa. “Sumuhun Apa, sareng dimana ieu, asa nembean Apa ngajak abdi ka palih dieu?”, taros khidmat abdi ka anjeuna. “Di sisi situ jeung daratan anu henteu tebih ti bumi Nyi, walerna bari neuteup pinuh ku kadeudeuh. Antara cai jeung daratan anu karasa jauh, tapi deukeut. Sanajan deukeut, tapi teu bisa kahontal kitu wae. Saperti antara hirup jeung pati anu karasa jauh, tapi deukeut jeung diri urang, sangem pun bapak bari ngusapan mastaka. Karaos nikmat diusapan teh, tapi hate ngadadak beuret sedih, ngadangu cariosana.  “Antara hirup jeung pati anu karasa jauh tapi deukeut jeung diri urang”.

“Tinggali ku Nyai… panangana nunjuk ka situ. “Aya anu dongkap! Pok na deui rada beurat kadanguna. Pameget satengah tuwu, pangawakan sambada bari seregep, pameunteu marahmay bear, emut ngagelenyu neuteup Apa, teuteupna karaos nanceb kana manah, karaos serab pinuh ku rasa ajrih. Asa ngarasa gimir teu wantun neuteup lami. Laju abdi ngeluk tungkul, pok tumaros kanu janten rama.”Saha Apa eta jalmi teh?”, taros abdi bari nyepeng panangan Apa,pinuh kurasa melang jeung hariwang.

“Nu bade ngajemput Apa geulis!”, walerna ancad laer, tapi tegas. Ngagebeg ngadangu pang waler pun bapa kitu teh.  Awak ngadadak leuleus, ngadegdeg lungse taya tangan pangawasa, lir ibarat kapas kaibunan, ngalumburuk teu pupuguh. “Bade kamana Apa?”, ngawantunkeun naros, dibarung cimata murubut teu kaampeu.

“Seja kahiji tempat anu jauh sareng urang, tapi deukeut dina kahirupan urang, Nyai!”, waler pun bapa, ngaharewos, bari neuteup anteb di barung imut. “Nitip Mamah, Apa percanten ka Nyai, ulah tinggal nu lima waktu jeung ulah ngamomore kana kawajiban Nyai!”

Apa ngarangkul, teu lami jung cengkat… Karaos abot, teu bisa lemek teu bisa nyarek. Mung tiasa mencrong pundukna, neuteup lengkahna anu hampang muru parahu sisi situ, jeung lalaki sembada anu ngawelah ngagayuh parahu muru ka tengah situ. Anjeuna imut marahmay bari manggut…

“Apaaaaa… !”, ngajerit maratan langit ngoceak maratan jagat, bari lumpat muru pun bapa nu tos ngageuleuyeung dina parahu.  Hanjakal gening teu bisa cengkat, awak asa beurat, leuleus satulang sandi… “Teu kenging nangis geulis, istigfar!”, walon Apa bari neuteup katukang ngagupaykeun pananganna, dina imut nu marahmay bear… dugi ka lesna parahu henteu katingali.

“Apaaaa…!”, ngajet deui bari satekah polah  rek cengkat. “Sadar Nyai, istigfar geulis…!”, harewos Mamah, kana cepil bari neuteup diatara cai soca anu ngalembereh maseuhan pipina. Panangana ngusapan embun-embunan, nyiuman kana pipi ngagalentoran dina rasa kasedih anu karaos beuratna. Kadangu nu ngaos surat Yaasiin, anu maca tahlih di sagedengeun Apa nu parantos tenang mayun nyangirah ngaler .

Sajongjonan ngahuleng ngaraga meneng, teu lemek teu nyerek teu sangem masihan respon sama sakali ka Mamah, anu satekah polah nenangkeun ngumpulkeun pangacian anu kabur. “Astagfirullah hal’adzim… Inna lillahi wa inna ilaihi roji’un… gerentes dina  manah, bari neuteup Apa. Sadar diri kana nasehat Anjeuna nu sok meupeujeuhan, “Kullu Nafsin Zaa Iqatul Maut”, satiap mahluk anu kagungan nyawa pasti bakal maot. Mung masalah waktos, iraha giliran urang nepangan Manteana…

Mugia Apa khusnul khotimah… Bibarokati Umul Qur’an, Alfatihah…

Pedes, 1 Mei 2019.

(Wishnoe Ida Noor)

CV Penulis :

Lilis Yuliati, S.Pd, M.Pd
– Guru di SDN 3 Banyuresmi
– Jurnalist JuggalaNews

Ikuti Kami
Please follow and like us:

LEAVE A REPLY

Please enter your comment!
Please enter your name here